A Tribute To A Rose

3 views

Lyrics

Da urang mah urang Sunda
 welas asih hade basa
 sadaya ge da baraya
 da urang mah urang sunda
 yeuh ieu geura tempo di bandung kiwari macet
 tiap liburan loba nu ka factory outlet
 tong sok ngariring bingah ngarilu da urang mah lain semak maning ge cicing di imah Oy.
 Karuna ka pa timur baroko sebagai kapolda ngurus anak buah na ngatur jalanan anu pinuh dimana-mana Oy...
 bahkan boga gubernur anyar pak ahmad heriawan jeung si kasep kembaran urang wagub dede yusuf
 tapi keheula maneh tong waka protes heula mun ngadenge keung lagu ieu siga jumper naon da ieu mah adaptasi tina manuk dadali na aki sambas nu leupas entep na teras Circle K hey...
 eta toko balatak dimana-mana barudak ngora mani betah gogoleran di hareup na...
 pa dada rosada gogodeg kana kalakuan barudak ayeuna
 ari babasaan teh mani kudu aya ujung na anying...
 Lain maraneh teh urang sunda
 karek sakali ka jakarta bae ge mani balaga
 ngageroan aing mani kudu make 'kamana sob?'
 emang ngarn aing teh sobarna
 bari jeung ditambahan ku bahasa gokil
 tuh tempo loba pisan lalaki centil di jalan veteran
 geus nyaho sarua lalaki tapi angger keneh kalahka diheureuyan
 kade mun naek angkot cicaheum, ciroyong, daerah di pati ukur loba copet neangan hape jeung dompet
 alesan na pura2 utah jeung suku na kerem, mun kapanggih deui jeung nu kitu. kepret!!
 *Reff lagi
 Kang ibing kiwari tos sering sibuk dakwah bari ngungurus domba galing
 kamana ku sumbar tos lami teu nembang deui di kota kembang
 nyeri hate es lilin peyeum bandung tinggal dina lagu
 da ayeuna mah malah brownies nu di teang ku semak ti dieu ti ditu
 hayang gaul ngopi heula anu nyaho sagelas 20 rebu
 sugan teh sarua jiga di warung ceu yeti 2 rebu menang kopi susu
 rumasa sim kuring goreng patut jadi mun lapar langsung melesat dahar di cemar
 'kasep sareung naon wae emam na?'
 mun dahar di gardu jati wengi-wengi sok pajarkeun tos ti pasantren nu hareupeun gang na aya pos polisi
 aneh loba pisan jalma anu resep nangkring di jalan layang
 tetempoan ka handap jiga beruang di kebon binatang
 ayeuna loba jembatan penyebrangan da atuh teu resep nyebrang na di jalan
 soalna bisa nyebrang bari ngaca di kaca mobil susuganan di jalan na aya nu geulis ngadadahan
 Wuh... duh emen... heh pamali kang emen gitu... kang... emen...
 *Reff lagi
 Tong saukur ngimpi jadi juara buktikeun mun bisa juara
 jiga baheula inget ka kang ade hudaya, ajat sudrajat, jeung robi darwis
 ngulik bola di lapangan ngagiring bola ka gawang
 ku robi darwis di oper ka ajat sudrajat
 ku ajat di oper ka robi ku robi di oper lagi ka ajat deui
 ku ajat dioper deui ka kang robi, nya atuh kang robi na ambek2an dan kang ajat na kacapean
 soal na ngan duaan nu maen di lapangan
 tapi mun ayeuna aya kiper tema mursadat sok ngadat
 mun bek na maman, nova, jeung nyek nyobe ngajaga na telak
 tim gelandang aya lorenzo cabanas, eka ramdani, atep jeung hariona
 tapi eta zaenal arif kamana? umpan ka hereup aya hilton moreira, bastos diantos gol na
 cristian sanes ronaldo tapi gonzales ka kang airlangga mangga asupkeun gol na
 haji ungu sareung pa jaja sutarja tong hilap bonus na
 terakhir kanggo kang jaya hartono, mun aya nu protes tong diwaro
 *Reff lagi
 *Tajong gol Tajong gol Tajong gol

Audio Features

Song Details

Duration
02:14
Key
11
Tempo
75 BPM

Share

More Songs by Jimmy Ponder

Similar Songs